Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Bagian 4: Mantra Buhun Sunda/Jangjawokan yang masih asli

Mantra Sunda- Mantra nya éta rakitan basa anu mibanda unsur-unsur puisi saperti purwakanti jeung wirahma, anu dianggap mibanda kakuatan gaib.

Mantra écés lain kecap nu asalna tina basa Sunda. Mantra asalna tina kecap basa Sanskerta. Mantra gelarna tina tradisi Hindu kuna. Mantra diwangun ku kekecapan nu ngandung wirahma, jelas patokanana, puguh itungan engangna, tungtung kalimah ngalagena.

Awalna mantra dijieun ku para pandita. Kalimah nu diwangun mangrupa getering rasa paménta manusa ka sang Murbawisésa. Mantra awalna aya dina kitab Sutra para pandita. Di tanah Pasundan, mantra ngajirim jadi asihan, ajian, singlar, rajah, jampé jeung jangjawokan.

Salian ti ngandung ajén-inajén kaéndahan (éstétis) jeung ngandung kakuatan gaib (magis), basa anu digunakeun dina mantra ogé mibanda sifat nu hésé ditéwak maksudna (éksitoris). Mantra dipapatkeun ku nu boga maksud hayang meruhkeun nu séjén atawa nanjeurkeun komara pribadi.

Papasingan Mantra Sunda

Papasingan Mantra di Sunda di antarana nya éta: Asihan, Ajian, Singlar, Jangjawokan, Jampe jeung Rajah .

mantra-buhun-sunda-jangjawokan

1. Asihan, nya éta mantra anu dipapatkeun sangkan hiji jalma atawa sakumna balaréa mikaasih, mikanyaah, deudeuh, héman, cinta, tresna, jste.

Asihan dipiwanoh ogé ku sebutan Pélét, sok sanajan dina watek-perbawa élmuna téh béda; Asihan sifatna ‘numuwuhkeun‘ atawa ‘ngageuing‘ rasa, sedeng Pélét sifatna ‘maksa‘ munculna rasa.

Conto-conto ngaran Asihan Sunda (boh nu asli buhun boh nu geus keuna ku akulturasi réligi) di antarana; Asihan Sileugeuteureup, Asihan Ali Panandong, Asihan Si Taruk Gadung, Asihan Bagal Pirusa, Asihan Si Ulang Gupay, Asihan Si Burung Pundung, Pélét Abshor, Asihan Kentring Manik, jsb.

2. Ajian, nya éta mantra anu dipapatkeun sangkan meunangkeun kakuatan atawa kasaktian lahir-batin lineuwih nu bisa dipaké meruhkeun mahluk lian (jalma, sato, gaib, jsb).

Ajian miboga sawatara watek atawa perbawa. Aya ajian-ajian nu gunana pikeun kanuragan (teu teurak ku rurupa pakarang), kawedukan atawa kadugalan (kakuatan badan pikeun galungan fisik), Kasaktén (leumpang di cai, mecah raga, jsb),

Panglimunan (teu katingali ku musuh atawa batur), Panyirepan (gendam, nyieun batur teu sadar, linglung, saré), Paneluhan (sangkan batur/musuh gering, cilaka, atawa palastra), Pangabaran (meruhkeun, ngadalikeun, atawa ngabendung daya-daya ajian lian),

Panglumpuhan (meruhkeun daya raga musuh atawa nu maksud jahat), Parewangan (meruhkeun lelembut, jin, demit, jsb), jll.

Conto-conto ngaran Ajian di antarana ;

Ajian Prabu Siliwangi,
Ajian Walang Sungsang/Aji Cakrabuana,
Aji Gelap Sayuta,
Aji Pangabaran Geni,
Aji Rempak Baya,
Aji Teluh Galunggung,
Aji Brajageni,
Aji Brajamusti,
Aji Brajasukma,
Teluh Kalabuat,
Teluh Budugbasu,
Teluh Rambat,
Teluh Rawit,
Pangabaran Tunggal,
Aji Saréwu Peurah,
Aji Napak Sancang,
Teluh Bajra, jrrd

3. Singlar, nya éta mantra anu dipapatkeun pikeun tujuan ngusir, ngajauhkeun, atawa nyingkahkeun/nyinglarkeun sarupaning hal, perkara, barang, sato, atawa nu lianna.

Singlar ilahar ogé disebut Parancah atawa Panyarang. Conto-contona di antarana; Singlar Demit, Singlar/Sarang Hujan, Singlar Hama, Singlar Nu Kaniaya, jll.

4. Jangjawokan, nya éta mantra atawa dunga (du’a) anu dipapatkeun ka Nu Gaib (Batara, Pohaci, Karuhun, Lelembut, Aci Batin, Sadulur Diri, Hyang Widhi, Pangéran, jsb) sangkan hasil maksud, cacap paménta, sugema hasil, rahayu, salamet, diraksa, jsb.

Conto-contona di antarana: Jangjawokan Nyiuk Béas, Jangjawokan Dipupur, Jangjawokan Ngisikan, Jangjawokan Diminyak, Jangjawokan Nguseup/Ngalintar, Jangjawokan Nyeupah, Jangjawokan Mandi, Jangjawokan Ngakeul, jsb

5. Jampé, nya éta mantra anu dipapatkeun pikeun ngubaran, nyageurkeun, miceun kasakit atawa meruhkeun panggawé batur.

Conto-contona di antarana :

Jampé Muriang,
Jampé Harééng,
Jampé Seueul Angen,
Jampé Asup Angin,
Jampé Siwah,
Jampé Salusuh (ngubaran nu tarik birahi),
Jampé Pamatri,
Jampé Kembung,
Jampé Ateul,
Jampé Konéng,
Jampé Sawan,
Jampe Nyeri Huntu,
Jampé Jangar, jrrd .

6. Rajah, nya éta mantra nu dipapatkeun pikeun tujuan ngajaga, ngaraksa, ngariksa, sanduk-sanduk, uluk-salam, dituyun, diaping, dituduhkeun, dileungitkeun kasusah atawa pangrobéda, dihasilkeun maksud ku Nu Gaib, jsté

Conto-contona di antarana :

Rajah Bubuka,
Rajah Panutup/ Pamunah,
Rajah Ngababakan Alas,
Rajah Muka Pihumaeun,
Rajah Pamunah Lampah Cidra,
Rajah Sawan,
Rajah ppelakan,
Rajah Imah,
Rajah Teluh,
Rajah Sukma, jsb.

Asihan Ahmad Muhammad

Puasa sapoé sapeuting matigeni sarta dibaca terus.

Ieu du’ana:
"Bmillahirrohmaanirrohiim.
Ahmad Muhammad amba aneda somad
tuan Ahmad Muhammad aneda somading Alloh.

Asihan kana dunya atawa dagang

Tapana 7 poé mutih 7 Senén 7 Kemis, dibacana 40 kali saban peuting. Ieu du’ana :

Sun angaweruh kang andu wasani gedong sanga
Jud Putih kang tunggu gedong wétan
sumujud maring ingsun
Sang Cula Hérang kang tunggu gedong kalér
sumujud maring ingsun
Sang Cula Magah kang tunggu gedong kulon
sumujud maring ingsun
Sang Cula Lebak kang tunggu gedong kidul
sumujud maring ingsun
Laailaaha ilalloh muhammadur rosululloh.

Jampé Lamun Urang Nyandung Rék Dianutkeun.

Puasa 7 poé mutih sarta baca 40 sapeuting. Saratna sangu sakeupeul. mantra na :

Bismillaahirrohmaanirrohiim
Bayu tutut bayu runtut atmané si jabang bayi (…… Binti ….)
ya isun pangéran nira
ya isun Bagénda Ali
laa ilaha ilalloh Muhammad rosuululloh.

Mantra Pelet Sunda Ampuh Dan Caranya

ilmu ini tidak perlu ritual puasa cuma sebelom baca kita

1. Membaca bismillah ( Bismillahirrohmanirrohim )
2. Syahadat (Ashadualla Ilahailallah wa Ashadu anna muhammadar rasulullah)
3. Shalawat nabi (allahumma sholli ala sayyidina Muhammad wa ala ali sayyidina Muhammad)
4. Terakhir lahaola (Laa Hawla wa Laa Quwwata Illa Billah) dan memohon allah meridhoi dan mengabulkan doa kita baru kita baca Mantra Pelet Sunda Ampuh:

” uluk-uluk nabi daud yapatahu yarozaku silalajug siladeku
sing tunduk ka awaking akmana, sukmana, bayuna, hate’na,
ingetanana si [sebut nama target] bin [nama ayah target] ya rohmanu yarohimu “

Pelet sunda

Syarat puasa 3 atau 7 hari, sebelum puasa diwajibkan mandi keramas dengan niat :

"Nawaitu gusli liropil hadatsil akbari min jami’i badani fardhu lilla hita'alla". Lalu sehabis sahur baca niat puasa berikut ini :

“Abdi niat puasa sunat muasa’an kalimah ieu lafadznya
Bismillah ila ruhi khususon pijasadi (nama target ) binti ( nama ayah target)
sing kapelet sing ka gendam hate’na,
Jasadna ku ngaran (sebut nama kita) bin (nama ayah kita)
Allahuma layin kolbaha kama layintal hadida lida wula allaihi sallam”

jangka 3 atau 7 poe selama puasa setelah shalat wiridkan lafadz tersebut sebanyaknya 3 asihan arjuna puasa 3 atau 7 hari syaratnya sama dengan yang diatas cuma waktu niat diganti dengan lafadz berikut ini :

“Bismillah ancik-ancik kencana gumilang ciboke canting
salaka halimah ngaranging uyah lewana ngaraning asem
teka welas teka asih jangleng asih salirane arjuna telor asih
sih asih (nama target) karaga badan awaking awaking raja
asihan rep sumerep ka badan awaking awaking raja asihan”

ilmu Hadiran atau ngamat

Punika Paranti Ngemat

Tapana 7 poé 7 peuting nyenén kemis, 7 Senén 7 Kemis, wekasan 3 poé tilu peuting mati geni, mandi 7 isuk sarta siduru sapu ketan hideung. Ieu du’ana :

Cunduk curuk tali harus
kadudut lebu tuluy kakenyang kebo leumpang
aci kajungjung ku aing
jungjung kurungan sagala eroh katinggal ku aing
Balé Bandung asa suwung
Balé Gedé asa réhé
buruan asa layuan
dayeuh agung asa liwung
ana katinggal ku aing
asa surudan kariaan
Kéjo asa catang bobo
cai asa tuak bari
nyatu lauk asa tatal
ari nyaring humariring
reup héés kagugundamkeun
kari kurunganana
Aci didudut ku aing
cat nyukang godébag ragrag
kari kurunganana
aci dijungjung ku aing.
Mantra karahayuan Nabi AdamPunika Karahyuan Nabi Adam. Bacana saban-saban waktu solat 40 kali waktu. Ieu du’ana:

Allohuma ya Adam uskun uskun bihakin muhamadin ajma’in.

Mantra untuk menyelam

Punika Paranti Teuleum . Tapana puasa 7 Juma’ah, saban-saban keur puasa teuleum 7 kali. Ieu du’ana:

Banyu ilang déning napas
rohani banyu anata
kalah déning rohani
tutup ku nu wisésa.

Ilmu Pangabaran/ kewibawaan

Punika Pangabaran. Makéna bari nyeupah. Tapana senén kemis sakawasana Ieu duána:

Kun cahya cahya rosululloh
sir putih balik ati
roh putih teka welas teka asih
pada sujud ing awaku
Sakéhé roh nyawa ya si anu kabéh
sujud déning Alloh.

Mantra untuk membuka kunci gembok

Punika du’a paranti muka kunci . Tapana 40 poé 40 peuting saré salilir. Ieu du’ana:

Alloh goib
Tutup kancing hérang keling
sira mengaha
gedong pintu sira mengaha
katinggang sarah
sarah katinggang caah
Susu dihurun suku diborogod
ditéang lumpat ka jero léyor
pot hantang hontéang ka menga

Aji kilat panglaankeun aing kancing

Kentel Putih nu teu kadeuleu nu teu kadéngé
nu teu kaduga
nu teu karasa
Aing kajadianana.
Mantra Pembuka ilmu gaibPunika lamun hayang parbuka ngélmu. Tapana sapoé sapeuting mati geni. Ieu du’ana:

Allohumma hakékatan madinatan
yahu roh saréat roh torékat roh hakékat roh ma’ripat
Roh ku sorot Alloh
Wabarkatan Muhammadin
ujub Mekah wa Madinah
sapa’at Rosululloh.

Mantra Sirep

Punika du’a sirep . Tapana 7 poé 7 peuting matigeni. Ieu du’ana:

Alloh goib
lah randa pasaréan
sun nénjo sanak mati karubuhan kayu mati
suket mati saben kemben sira kemulan
tapi ira aja sira tangi
yén durung ana ketug wong anutu.
Mantra Menghilang Sabda kahimenganPunika Sabda kahimengan. Tapan 100 poé teu kana uyah mandi 40 isuk. Ieu du’ana:

Nu hurung Sang Kala Hurung
nu hurung rupaning banyu
nu hérang Sang Kala hérang
nu hérang Sang Kala Sabda
nu ireng Sang Kala Ireng
nu ireng rupaning idep
Banyu mungguh di jajantung
sada mungguh di bayah
idep mungguh di angen-angen
cai jakun tuduh teguh Alloh
Alloh papalang nabi kinarya aling-aling
Muhamad kang amolah kang anjenengi.

ilmu kasemaran

Punika Kasemaran. Tapana mutih sakawasana. Ieu du’ana:

Dina kuning da kuning
di enggon déwék beusi dom-dom Si Kayu Condong
Si Semar mulya ningsun
Ari majar ras ka awaking
teka welas teka asih ka awaking intening cahya
cahyaning rasa teleng ireng maya rasa.

Mantra Pengabaran Nabi Musa

Punika Pangabaran Nabi Musa. Tapana mutih 7 poé, ieu duána:

Bismillaahirrohmaanirrohim.
ya Alloh
ya Alloh
ya Alloh
hasbunalloh ni’malwakil
tawakaltu alaika ya hapidolibad.

Itulah kumpulan mantra Buhun Sunda/Jangjawokan yang masih Asli bagian 4 yang perlu di ketahui, sebagai penambah wawasan dan perbendaharaan keilmuan di bumi nusantara kita ini...Ingat jangan melakukan sebuah amalan tanpa bimbingan guru.

Jika tidak ingin mendapatkan resiko yang fatal seprti depresi, gila bahkan bunuh diri segera hubungi Kami untuk konsultasi pelet dan pengasihan di jamin tokcer, ampuh dan tajrib.

Pesanggrahan Tapak Tilas Ki Tholib
Kang Ipang (Paranormal/Dukun Bogor)
0838-9123-6985
Jam buka Praktek Senin - Sabtu, Pukul 08.00 - 16.00 WIB

Wassalam

Posting Komentar untuk "Bagian 4: Mantra Buhun Sunda/Jangjawokan yang masih asli"